Sang Kuriang Perlambang Manusa Kiwari

Ku Utuy T. Sontani, éséy tina majalah Sunda (1953) Sang Kuriang téh ari ceuk Mang Salmun mah cenah Sang Guriang. Ari Guriang hartina mahluk (nu jahat?) turunan Déwa. Mun kecap, “nu jahat” di antara kurung teu kudu maké tanda-tanya deui, moal rék salah-salah teuing, da kapan nurutkeun carita asalna ogé Sang Kuriang téh turunan anjing jeung … More Sang Kuriang Perlambang Manusa Kiwari

Budaya Sunda Posmodéren

Ku Yasraf Amir Piliang, éséy dina Cupumanik No. 58 (Mei 2008) Paguneman ngeunaan budaya Sunda katut ajén-inajén kasundaan, upama dipatalikeun kana kamekaran budaya dina jaman posmodéren kiwari, geus ngalantarankeun urang nyanghareupan rupaning rélasi nu kompléks. Ari sababna mah kaweruh ngeunaan posmodérenismeu katut posmodérenitasna gé geus kompléks. Kamekaran globalisasi ékonomi, budaya katut informasi, pon kitu deui tumuwuhna … More Budaya Sunda Posmodéren

Basa Budak

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 17 (Desember 2004) Dina basa Sunda aya nu disebut basa budak, nyaéta sawatara kecap anu biasa digunakeun ku budak, atawa ku kolot ari nyarita jeung budak anu nyaritana tacan bener, upamana “emam”, “mamam” (dahar, neda, tuang), “ibak”, “papung” (mandi, siram), “papang”, “pipis” (kiih, kahampangan), “bobo” (saré, mondok, kulem), “eu-eu”, … More Basa Budak

Kecap-Kecap Lemes Anyar

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 18 (Januari 2005) Ku sabab kapangaruhan ku alam pikiran undak-usuk basa, nyaéta ngarasa kudu nyarita ku basa lemes, tanda ngahormat ka nu diajak nyarita, sok timbul kecap-kecap anyar anu ku nu mimiti ngagunakeunana disangka kecap lemes. Baheula kungsi aya nu ngagunakeun kecap “supanten” (maksudna lemesna tina “supaya”), “pribados” (lemesna … More Kecap-Kecap Lemes Anyar

Ngariksa Majalah Sunda

Lamun sakirana kuring diamanahkeun pikeun jadi pamingpin redaksi majalah Sunda, nu kahiji bakal kuring titénan ngeunaan tampilan visualna. Enya, da dina kaayaan bangsa nu horéam ngaos bacaan mah, nu diheulakeun téh visual kadituna kontén. Pamadegan ieu lahir kalayan pangalaman kuring ngasuh majalah kampus 3 taunan. Ngeunaan majalah Sunda, dina éséy ‘Budaya Sunda Posmo’ nu diserat … More Ngariksa Majalah Sunda