Tali, Charles Baudelaire

rope-slipknot-in-concept-suicide-macro-shot_vg-qdqkv9x__f0000

“Téténjoan mah,” cék babaturan, “sigana hamo kabilang cara rupaning hubungan ti antara papada manusa, atawa hubungan manusa jeung naon baé. Mun téténjoan, dina harti nu ngajirim atawa nu nyata di luareun diri urang, les ilang, urang sok ngarasa hémeng, tagiwur antara handeueul alatan nu ngajirim ngiles kitu baé, jeung reuwas alatan baris pinanggih jeung nu anyar, nu enya-enya nyata. Tapi aya hiji hal nu pohara écésna, déét, teu weléh sarua tur hamo nimbulkeun salah harti, nyaéta kanyaah indung. Teu kacipta aya indung teu boga kanyaah, lir seuneu teu panas. Tétéla, pan, yén pohara benerna mun urang matalikeun sakur laku lampah katut kekecapan hiji indung kana kanyaah indung, paling copélna ka nu jadi anak? Tapi pék regepkeun ieu carita pondok, ngeunaan hiji mangsa nalika déwék éstuning kabandang ku hiji téténjoan nu pohara lumrahna.

“Kangaranan jurulukis, puguh wé déwék sok niténan paroman jalma nu kasampak di pasampangan. Lah, ku ilaing gé kajudi sakumaha geunahna boga kamampuh kawas kitu, kawantu nu katémbong ku seniman mah leuwih hirup tur leuwih jero batan nu katémbong ku jalma réa. Ari di pasisian tempat déwék matuh, nu jujukutanana pohara ngejejembrung tur upluk-aplakna tepi ka imah nu hiji paanggang jeung imah lianna, déwék pohara katajina ku hiji budak lalaki ti barang tepung, kawantu paroman katut paripolahna leuwih narik batan anon baé ogé. Leuwih ti sakali éta budak jadi modél déwék; kalan-kalan mah sok sina jadi gypsy, malaikat, atawa déwa asmara. Hég manéhna sina nyepeng piul tukang jajaluk, maké Makuta Thorns katut Paku Salib, jeung Obor Cinta. Pokona mah nganggap pohara resepna cacampuran jeung éta budak masakat téh, tepi ka sakali mangsa mah ménta ka kolotna, nu miskin, sangkan éta budak bisa milu ka déwék kalawan kayid rék diperhatikeun boh makéna boh jajanna, jeung hamo diutuh-étah ku pagawéan bareurat ari lain meresihan koas jeung sagawé-gawé mantuan déwék mah. Barang geus didangdanan éta budak beuki cahayaan, tur moal boa manéhna ngarasa yén sanggeus milu ka déwék mah hirupna lir di sawarga mun seug dibandingkeun jeung kaayaan di imah kolotna. Orokaya, teu bisa disumput-sumput yén éta budak téh kadang-kadang matak hémeng kawantu sok ujug-ujug ceurik teu pupuguh, ari karesepna kana gula jeung sopi amis asa ku kabina-bina; beuki lila beuki kamalinaan, tepi ka sakali mangsa mah, lantaran manéhna sok ceceremed kana nu kararitu, bari jeung tara nurut kana panyaram, ku déwék diancam rék dititah balik deui ka kolotna. Geus kitu, léos déwék indit ka luar, tur ku rupa-rupa urusan déwék tara aya di imah.

“Kacipta tangtuna gé sakumaha reuwas tur colohokna déwék, barang jol ka imah, nu pangheulana katénjo téh budak leutik téa, batur déwék nu lucu, ngagulantung dina lawang jamban! Sukuna méh antel kana lanté; gigireunana aya korsi tibalik, nu tangtuna gé balas najong. Sirahna ngulahék kana taktak; ari beungeutna nu ngabeukahan eung panonna nu molotot, kalawan teuteupna nu pikasieuneun, saharita nimbulkeun téténjoan yén manéhna hirup kénéh. Nurunkeunana teu gampang cara cék panyangka. Awakna geus jeger, éstuning matak kukurayeun ana mikirkeun sakumaha déwék geuwat nurunkeun manéhna. Awakna disangkéh ku leungeun sabeulah, ari leungeun nu sabeulah deui neukteuk tali. Tapi teu bérés kitu baé: mangkeluk téh maké kawat ipis, nu teurak kana kulitna; kapaksa déwék kudu maké gunting leutik, keur ngudar tali tina sela-sela beuheungna nu bukekeng.

“Aéh, enya, harita kénéh déwék gogorowokan ménta tulung, tapi kabéh tatangga taya nu daék nulungan, bakating ku pengkuh kana kabiasaan jalma nyakola, nu nyao atuh tara bet pipilueun kana perkara nu ngagantung manéh mah. Tungtungna jol dokter; pok nerangkeun yén éta budak téh geus tiwas sawatara jam kalarung. Basa mayit keur dipulasara, na da bet heuras kabina-bina, éstuning hésé wé ngaleuleuskeunana deui téh, tepi ka kapaksa bajuna disoéhkeun.

“Opsir pulisi, nu puguh wé kudu meunang laporan ti déwék, kalah muncereng bangun nu hémeng bari pokna, ‘Ké, lanan, asa aya nu nyurigakeun yeuh!’, tangtuna gé kajurung ku panyangka katut kabiasaanana, cara ilaharna dina unggal perkara, nyingsieunan boh ka nu teu salah boh ka nu boga dosa.

“Aya hiji deui pikiraneun, nu pohara matak bingungna: ngabéjaan kolotna. Suku téh bet siga nu teu bisa dipaké ngaléngkah pikeun nepungan maranéhna. Estuning lahlahan wé antukna mah. Ngan, nu matak héran kabina-bina, éta indungna hih da taya riuk kitu kieu; taya cimata sakeclak-sakeclak acan. Jero pikir, tangtu sikepna nu mahiwal téh aya patalina jeung beuratna katunggara nu karandapan ku manéhna, keuna ku babasan: ‘awahing ku pohara tunggarana antukna teu bisa nyarita naon-naon’, Ari bapana, ukur ngabeberah manéh bari jeung teuing sadar teuing henteu: “Nya; dalah dikumaha, ari geus kitu kudan mah – pangna kitu gé meureun geus tepi kana titis tulisna.’

“Sabot layon digolérkeun dina dipan, tur déwék sibuk mémérés itu ieuna, dibantuan ku nu ngaladénan, torojol indungna budak téa asup ka studio. Hayang ningali layon, cenah. Teu bisa majar kumaha da puguh keur sakitu tunggarana bari jeung biheung kumaha ngabeberah haténa. Geus kitu, manéhna ménta déwék nuduhkeun tempat anakna ngagulantung. ‘Euh! Saéna mah teu kedah ningal, Bu,’ omong déwék, “Bilih janten kitu kieu.” Teu ngahaja, rét ka lawang jamban nu pikasieuneun, katingali bari jeung haté tagiwur antara baluas jeung keuheul, yén paku urut nu ngagulantung téh masih kénéh naplok, tur talina ngambay kénéh. Gancang ku déwék dilaanan éta sésa-sésa balai téh. Barang rék lung pisan dibalangkeun kana jandéla, gap leungeun dicepeng ku éta awéwé miskin, pok manéhna ngomong semu nu melas-melis, ‘Euh, punten, Pa! Sawios, kanggo abdi wé! Panuhun teu dipiceun! Abdi nyuhunkeun!’ Jero pikir, geus tangtu katunggarana sakitu beuratna tepi ka manéhna kagégéloan, tepi ka kanyaahna ngait kana pakakas urut budakna palastra, hayang ngarawatan, itung-itung titilar pangalaman nu matak ketir. Eta paku jeung tali téh dirawu.

“Pamustunganana! Tah, pamustunganana! Bérés wé sagala rupana. Taya deui nu kudu dipilampah iwal ti digawé deui – leuwih sumanget batan sasari, bari laun-laun nyieuhkeun budak leutik nu teu weléh kadeuleu baé, sangkan panonna nu molotot teu terus-terusan ngajungjurigan. Orokaya, isukna déwék narima surat mani numpuk. Sawaréh ti papada nu nyéwa imah, sawaréh deui ti tatangga deukeut; aya nu ti lanté hiji, lanté dua, lanté tilu, jeung saterusna; sawaréh mah ditulisna téh bangun bari heureuy, sasat keur nyamurkeun maksudna nu daria; aya deui nu eusina ngambek teu didingding kelir bari jeung teu puguh salang surupna; nu sidik, kabéh gé maksudna mah sarua: nyaéta ménta tali kabuyutan. Ari nu nyaruratan téh leuwih réa awéwé batan lalaki; tapi, sing percaya, teu kabéh ti golongan handap. Ku déwék surat téh kabéh gé dirawatan.

“Ujug-ujug bréh wé aya nu kapikir, tur ti harita déwék ngarti naon pangna indung budak téa pohara hayangna ngarawatan éta tali, satékah polah metakeun tarékah enggoning ngabeberah manéh,”

*

Disundakeun ku Atép Kurnia jeung Hawé Setiawan tina carpon “The Rope”, beunang nginggriskeun Pierre Schenider tina “La Corde”, nu dipidangkeun dina French Stories and Tales (The Pocket Library, 1956) kaca 112-115. Carpon terjemahan ieu aya dina majalah Cupumanik edisi no. 49, Agustus 2007.

Advertisements

One thought on “Tali, Charles Baudelaire

Berkomentarlah sebelum komentar itu dilarang. (NB: Serélék=Email, Nami=Nama)

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out /  Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Robih )

Connecting to %s