Sang Kuriang Perlambang Manusa Kiwari

sang kuriang utuy t sontani

Ku Utuy T. Sontani, éséy tina majalah Sunda (1953)

Sang Kuriang téh ari ceuk Mang Salmun mah cenah Sang Guriang. Ari Guriang hartina mahluk (nu jahat?) turunan Déwa. Mun kecap, “nu jahat” di antara kurung teu kudu maké tanda-tanya deui, moal rék salah-salah teuing, da kapan nurutkeun carita asalna ogé Sang Kuriang téh turunan anjing jeung bagong, ari geus gedé keukeuh peuteukeuh ngajak kawin ka indung sorangan, dibélaan daék nohonan jangji nyieun situ jeung parahu dina jero sapeuting, keur lalayaran oléng panganten. Tapi da puguh nu hayang kawin ka indung sorangan mah mahiwal ti batur, nya jangjina teu katedunan, Sang Kuriang kabeurangan, parahuna nu keur lalayaran téa nangkubna nepi ka kiwari. Keur urang Bandung atawa nu araya di Bandung mah, lamun ngarérét ka beulah kalér kana jegirna gunung Tangkuban Parahu pihariteunana kudu inget yén pacuan ulah rék kawas Sang Kuriang, nyieun peta malancidar, pacuan ulah rék kawas raja kahampangan dina batok kalapa bisi cikahampangan diinum bagong nepi ka reuneuh, sarta pacuan ulah rék kawas Dayang Sumbi – indung Sang Kuriang – boga anak ti anjing.

Bisi pamali atawa bisa jadi lantaran embung disebut kasar budi, nu matak ku bujanggana dicaritakeun yen raja kahampangan dina batok soténan. Da ari saenyana mah moal salah-salah teuing upama dihartikeun yén raja teh waktu ngaronda ka pakampungan bogalampah ka parawan desa, nepi ka si eta parawan téh kakandungan tur ngalahirkeun anak. Ari Dayang Sumbi nu boga anak ti Si Tumang, moal salah-salah teuing mun dihartikeun yén saenyana mamh putri téh boga lampah jeung ponggawa raja nu pangkadeuheusna nepi ka kakandunganana tur nepi ka bogana anak, nya Sang Kuriang.

Bisa jadi aya deui pihartieunana nu séjén. Tapi najan kukumaha ogé, sigana moal aya nu rék ngabantah yén pihartieunana dongeng Sang Kuriang téh keur nu araya di Bandung mah mérééling: samangsa-mangsa ngarérét ka Gunung Tangkuban Parahu kudu inget yén hirup teh ulah rék… krisis moral kawas Sang Kuriang atawa kawas Dayang Sumbi indungna, atawa kawas raja, akina!

Ari Sang Kuriang mah saenyana lain ngan krisis moral wungkul, lain ngan mikahayang kana badan nu jadi indung wungkul. Tapi ogé… krisis kapercayaan. Da kapan sakitu geus dicaritakeun ogé ku Dayang Sumbi yén nu dipikahayang teh indung sorangan tapi, ih, keukeuh henteu percaya!

Ari manusa téa, lamun geus teu percaya, pihartieunana euweuh cecekelan. Ari manusa nu geus euweuh cecekelan, geus euweuh kapercayaan téa kapan… dina jaman kiwari mah mani balatak. Anu tétéla waé, jelema kiwari mah golongan luhurna loba nu geus teu percaya ka papada manusa, malah teu percaya ka Pangeran, ari di golongan handapna kapan teu saeutik nu geus teu percaya ka… pamingpin.

Cindekna jalma modél Sang Kuriang téh dina jaman kiwari mah teu saeutik. Nu matak kacida milu atohna mun carita Sang Kuriang ku alpukahna R.T.A. Sunarya (nu kungsi nunilkeun “Lutung Kasarung” téa) ayeuna téh dihirupkeun deui ku jalan rék di kana panggungkeun, rék ditunilkeun.

Milu atoh téh lain sapédah éta carita dipindahkeun tina asal didongéngkeun jeung dibaca kana dijieun lalajoaneun. Palebah dinyana mah geus jadi bakatna hasil kabudayaan kudu millu robah ku majuna kahayang manusa. Asal didongéngkeun, robah maju jadi ka baca. Ari ayeuna bakal dilalajoan bari jeung disambaraan ku tatabeuhan katut jeung ugal-igelna.

Ari babakuna pisan mah atoh téh lantaran Sang Kuriangna; lantaran nu dihirupkeun téh Sang Kuriang, lain Ciung Wanara atawa carita pusaka Sunda nu séjénna.

Da mun seug manusa Sang Kuriang bisa dihirupkeun deui kalawan jeung kateuleuman krisis moralna, kajugjugan krisis kapercayaanana kapesék eusi kalbuna, sok piraku pirupaeunana teu siga… manusa kiwari nu lain ngan baé aya di Priangan di Pasundan, tapi aya di mana-mana: di nu sok makmak-mekmek korupsi lantaran bejad moral, di nu sok loba jangji tapi prakna kabeurangan jeung di rayat murba nu ngarasa kaluman lantaran surud kapercayaan!

 

 


2 thoughts on “Sang Kuriang Perlambang Manusa Kiwari

Berkomentarlah sebelum komentar itu dilarang. (NB: Serélék=Email, Nami=Nama)

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s