Budaya Sunda Posmodéren

Ku Yasraf Amir Piliang, éséy dina Cupumanik No. 58 (Mei 2008)

Paguneman ngeunaan budaya Sunda katut ajén-inajén kasundaan, upama dipatalikeun kana kamekaran budaya dina jaman posmodéren kiwari, geus ngalantarankeun urang nyanghareupan rupaning rélasi nu kompléks. Ari sababna mah kaweruh ngeunaan posmodérenismeu katut posmodérenitasna gé geus kompléks.

Kamekaran globalisasi ékonomi, budaya katut informasi, pon kitu deui tumuwuhna budaya éléktronik, digitalisasi informasi katut réalitas virtual geus mawa pangaruh nu pohara gedéna kana kamekaran budaya Sunda katut ajén-inajén kasundaan. Budaya Sunda kiwari nyanghareupan situasi dilématis antara nu dipiharep jeung nu ngancam tina posmodérenismeu.

Kondisi posmodérenitas geus nimbulkeun parobahan nu nyosok jero dina budaya matéri (material culture). Rupaning kamonésan budaya nu jul-jol ti luar milu mangaruhan jengléngan budaya matéri Sunda.

Dina budaya non-matéri (non-material culture) gé kitu deuih. Katémbong ayana pangaruh kana méntalitas, pranata, cara mikir, sawangan hirup, talajak hirup (life style), paripolah, ajén-inajén, ma’na katut norma-norma.

Atuh dina tindakan sosial (social action), geus réa nu anyar dina urusan hubungan sosial, ritual, katut paripolah balaréa. Eta téh balukar tina kamekaran masarakat informasi, babakuna mah ku alatan beuki pentingna tanda (sign) jeung citra (image) enggoning nangtukeun hubungan sosial katut paripolah jalma réa.

Dina urusan basa jeung widang simbolis lianna, kondisi posmodérenitas geus mukakeun hiji “médan semiotika” (semiotic field) anyar. Basa, tanda, simbul, katut kodeu-kodeu budaya Sunda geus campuraduk jeung basa, tanda, simbul, katut kodeu-kodeu budaya lianna.

Pucunghul wé ciri “kodeu ganda” (double coding) dina rupaning ungkara basa (boh nu lisan boh nu tinulis) katut ungkara simbolis lianna (karawitan, wayang, musik, ibing, seni rupa, kulinér, fashion, arsitéktur, jsté.).

Lian ti éta, kodeu-kodeu budaya Sunda kiwari dirékoméndasikeun ku rupaning kodeu budaya lianna (upamana baé nu jolna tina budaya populér, budaya global, budaya étnis lianna, jsb.), pikeun nyiptakeun kodeu-kodeu budaya anyar. Ku kituna, ambahan ma’na kasundaan téh beuki kompléks, malah aya kalana ironis (ironic meaning).

“Maca” Budaya Sunda dina Jaman Posmodéren

Budaya posmodéren ngasongkeun cara anyar enggoning “maca budaya” (cultural reading), kaasup “maca budaya Sunda”.

Paling copélna, aya dua cara. Saperkara, maca kalawan “restrospektif” (restrospective), dina harti macana téh ku cara nyoréang “ka tukang”, enggoning néangan rupaning ma’na orisinil, transéndén atawa ma’na ahir (logosentric). Kaduana, “maca prospektif” (prospective), nyaéta “nyawang ka hareup” enggoning ngasongkeun tafsir alanyar, kalawan ngaleupaskeun manéh ti sakur ugeran nu kaku (adat, tradisi, kodeu). Lebah dieu aya tarékah rédéfinisi jeung rékontekstualisasi kana tradisi.

Cara maca nu kahiji dipilampah pikeun neangan adeg-adeg atawa terminal ahir ma’na. Demi cara maca nu kadua nyoba-nyoba nyingkahan ugeran kaku enggoning néangan lolongkrang pikeun karancagé katut produktivitas dina nyurahan tradisi.

Duanana bisa dipilampah enggoning ngalenyepan atawa maca budaya Sunda katut ajén-inajén kasundaan.

Maca budaya Sunda kalawan réstropektif bisa dipilampah ku jalan metakeun tarékah nu sistimatis, konsisten tur terus-terusan enggoning ngali budaya Sunda nu asli, sangkan bisa dipiara atawa diwewegan deui. Nu ditandeskeunana orisinalitas, lokalitas, sipat indigenous katut kamonésanana, enggoning neruskeun warisan “kaparigel” nu dipibanda.

Demi maca budaya Sunda kalawan prospéktif bisa dipilampah ku jalan metakeun tarékah nu sistimatis, konsisten tur terus-terusan enggoning mukakeun rupaning “rohangan kamungkinan anyar” pikeun ngamekarkeun, ngaréinterpretasi, ngarékombinasi katut ngaréposisi budaya Sunda.

Kabudayaan Sunda nu bisa dimekarkeun dina jaman posmodéren mibanda sababaraha ciri umum. Kahiji, prospéktif dina cara macana, enggoning mukakeun rupaning “kamungkinan keur pikahareupeunana”. Kadua, terbuka dina ngokolakeunana, enggoning ngamekarkeun sikep inklusif dina campur gaulna jeung rupaning budaya lianna. Katilu, dialogis dina réngkakna, enggoning ngajembaran manéh dina campur gaul jeung budaya séjén. Kaopat, leyur dina gerakna, enggoning nyieun modifikasi atawa révisi kana kodeu-kodeu budaya nu geus nyampak. Kalima, multikultural dina pergaulanana, dina harti bisa natangga jeung rupaning budaya lianna kalayan harmonis, konstruktif, produktif, tur inovatif.

Modal Budaya Sunda

Jaman posmodéren geus mukakeun lawang pikeun tumuwuhna “masarakat rancagé” (creative society). Ari “masarakat rancagé” téh masarakat nu ngandelkeun kakuatan karancagé enggoning ngamekarkeun dirina bari manjangkeun lalakonna. Ku ayana karancagé, timbul rupaning produk budaya nu mibanda ciri mandiri.

Tatar Sunda, babakuna Bandung, kawentar minangka wewengkon nu beunghar ku modal budaya (cultural capital). Modal budayana téh antarana barudak ngora nu jiwana rancagé tur mampuh naratas éksprési budaya katut rupaning karya nu inovatif.

Eta modal budaya téh perlu dikokolakeun kalawan enya-enya. Ku jalan kitu, masarakat baris ngahasilkeun ajén-inajén anyar tur inovatif, bari teu ninggalkeun idéntitas kasundaan.

Pikeun ngawangun “masarakat rancagé” kudu aya “sikep kritis”, malah mah kudu aya kasanggup “ngiritik maneh” (self criticism) deuih. Ku jalan kitu, jalma teu babari sugema ku nu geus aya, tapi salawasna metakeun tarékah enggoning néangan pamikiran nu seger, gagasan anyar, jeung konsép inovatif.

Gogodana nu utama nyaéta budaya konsumérismeu (culture of consumerism). Upama budaya konsumérismeu geus nyiliwuru kana jiwa barudak ngora di Tatar Sunda, pikiranana baris jadi kuled, teu kritis, pasif, ukur bisa milu ka nu ramé. Sikep-sikep modél kitu bisa ngabahayakeun kalumangsungan hirup budaya Sunda.

Kudu aya nu haat miteskeun jiret budaya konsumérismeu. Taya deui carana iwal ti ngagedurkeun sumanget enggoning néangan “idé-idé nu merdika” tur “rancagé” cara nu katémbong tina réngkak paripolah barudak ngora di Bandung.

(Nu nulis, Ketua Forum Studi Kebudayaan ITB. Ieu karanganana beunang nyingget tur narjamahkeun tina makalah dina basa Indonésia, nu kungsi ditepikeun dina sawala bulanan PSS.)


2 thoughts on “Budaya Sunda Posmodéren

Berkomentarlah sebelum komentar itu dilarang. (NB: Serélék=Email, Nami=Nama)

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s