Ucing Hideung, Edgar Allan Poe

edgar_allan_poe_the_black_cat_by_klarem-d7xjbox

Ieu téh dongéng pangketirna nu rék ditulis ku kuring. Kajadianana di imah. Rék percaya rék henteu éta mah. Ngan mun ség dipikiran, sok asa linglung sorangan. Asa cangcaya ka nu kungsi kaalaman. Boa kuring keur katalimbeng tapi da yakin éta téh lain ngimpi. Isukan téh kuring rék paéh. Tah, ayeuna, kuring rék ngedalkeun eusi haté. Hayang ngiberan ka eusining dunya, perkara kajadian di imah kuring nu matak ngenes téa. Nu ngalantarankeun hirup kuring burakrakan. Cék kuring mah masalahna téh teu pira, tapi matak bangbaungeun.

Ti keur leutik gé kuring mah budak nu nurut jeung gampang kabelejog. Mun aya kahadéan, kalah ka sok asa disapirakeun, aya kalana digeuhgeuykeun ku babaturan ulin. Ari pangaresep téh ngingu sasatoan. Da diwarah ku kolot gé kudu mikanyaah rupaning sasatoan. Nu matak waktu teh sok ampir beak dipaké ngurus ingon-ingon. Taya deui kabungah iwal ti maraban jeung ngurus ingon-ingon téa. Eta kabiasaan teh nepi ka rumaja, malah nepi ka dewasa. Asa sugema migawéna gé.

Kawin mah kawilang ngora kénéh. Aya ku bagja meunangkeun awéwé nu sapangaresep miara sasatoan. Manéhna titén pisan kana ingon-ingon téh. Sok milu nalingakeun deuih. Ari sato nu dipiara ku duaan téh rupa-rupa: manuk, lauk emas, anjing, kelenci, monyét leutik jeung ucing.

Tah, sakadang ucing nu baris ngarobah hirup kuring téh. Eta ucing rupana hideung, lestreng saawak-awak. Buluna teuing ku kéwes, calakan deuih. Cék pamajikan-nu percaya kénéh kana tahayul-ngabéjaan yén ucing hideung téh bisa ngadatangkeun balai. Ucing hideung mah teu béda jeung tukang sihir nu keur mindah rupa. Nyarita kitu téh mania daria naker.

Ucing téh dingaranan Pluto. Sato nu pangdipikaresepna, nepi ka jadi babaturan ulin. Marabanana gé sok ku sorangan wé. Unggal kuring ngajéngkat ucing teh sok mimilu, sakitu geus digebahkeun ngarah teu nuturkeun. Ih, angger wéh ngukuntit ka mana kuring indit.

Sosobatan jeung ucing hideung téh geus lekasan ayeuna mah. Ti saprak kuring jadi gedé ambek. Rumasa deuih, sakapeung mah kalakuan bangun nu taya rasrasan. Unggal poé gawé téh ngan ambek-ambekan, teuing ku naon, da asa cua wé ka batur teh. Ka pamajikan wani nyiksa. Sigana ingon-ingon téh boga rarasaan, nyaho kana robahna tabeat dunungan.

Ingon-ingon téh ditandasa, iwal ti Pluto, ucing hideung téa. Ka Pluto mah bisa kénéh nahan amarah, tara nepi ka nyiksa. Satekah polah éta sato mah henteu sina sanasib jeung sato séjénna. Henteu ditandasa siga ka kelenci, monyét, kitu deui anjing.

Ieu kasakit téh datangna ti saprak kuring sok mabok, nepi ka tara inget nanaon. Pluto geus kolot, tur pamustunganana mah, najan haben ditahan-tahan, éta ucing téh ditandasa. Pluto boa ngarasakeun talajak kuring nu keur unggah adat.

Hiji peuting, balik ka imah bari mabok, tas ti panangkringan di kota. Bet kabayang ucing téh nyingkahan kadatangan kuring. Gentak dirawu, dibarung ku kaseiunna kana paripolah kuring nu taya rasrasan, ngan sakilat ucing téh ngégél leungeun ku huntuna nu ranggéténg. Asa disirekeman ku amarah iblis. Kuring geus teu éling ka diri sorangan.

Teu bina nu kausap sétan, ucing hideung dibabétkeun. Sret nyabut péso tikel tina saku jékét. Ucing dicekelan beuheungna, dicokél panonna. Beungeut euceuy, asa karérab, ngadadak halabhab, ngabirigidig sejeroning nulis ieu dongéng téh.

Isukna, hudang téh bari ngararasakeun sésa pésta tadi peuting. Kahandeueul milu nguniang, asa dosa geus nyieun peta nu matak baluas. Tapi henteu kajongjongan ngumbar kahanjelu, kuring asup deui kana lamunan nu labas. Nginum deui, ngabayangkeun deui naon nu kungsi dipilampah.

Teu lila, ucing hideung téh cageur deui. Kongkolak panonna katénjo kenéh-enya, sidik pisan pikasieuneun teh-da panonna tinggal saésé. Ucing téh ngider ngurilingan imah, kawas sasarina mun panggih jeung kuring sok tuluy kabur, sieuneun. Ngarakacak nénjo kitu mah. Ucing nu geus apét téh bangun nu nyatru. Lila-lila mah jéngkél. Perang-sabil dina haté. Cenah mah saniskara nu ngagolak dina haté téh bisa ngajurung manusa pikeun ngawasa dirina sorangan.

Enya geuning kaalaman pisan. Hiji mangsa isuk-isuk, basa hawa keur meujeuhna nyecep, ucing téh ditalian beuheungna. Tuluy digantung dina tangkal. Ngagantung ucing téh bari merebey juuh cimata. Kahandeueul nyelek dina tikoro. Ngagantung éta ucing, lantaran nyaho manéhna téh nyaaheun pisan ka kuring. Kuring rumasa dosa.

Peutingna, saré téh kagaweruhkeun nu tulung-tulungan. Kahuruan geuning. Rérégan karérab, imah ngabebela. Kuring, pamajikan jeung badéga jlung-jleng laluncatan kaluar. Lebur. Banda kuring béak.

Ngadadak lungsé saawak-awak, bari angger hémeng naha bet kajadian siga kitu. Antara musibah jeung kakejeman, naha aya patula-patalina.

Isukna, imah nu geus kahuru téh ditengetan deui. Geus lebur, iwal ti hiji témbok nu ngajega keneh téh. Témbok lebah kamar kuring. Katémbong réa jelema ngagimbung di dinya. Kadéngé sorana patinggerendeng.

“Anéh, euy!”

“Enya, teu ngarti déwék gé!”

Kuring panasaran. Gentak nyampeurkeun. Barang bréh, gebeg téh. Ditelek-telek, siga aya ukiran ucing dina témbok téh. Beuheungna ditalian. Rasa keueung nyaksrak saawak-awak. Rénjang deui. Apan éta ucing teh geus dipaéhan di kebon deukeut wates imah. Basa kahuruan di kebon mani ramé ku jelema, di antarana meureun aya nu ngudar ucing tina tangkal, terus dialungkeun ka lebah jandela kamar. Terus géhéng dirérab seuneu. Boa éta nu ngageuingkeun kuring gé.

Meunang sabulan teu bisa mopohokeun ucing hideung. Asa nutur-nutur. Asa ngajungjurigan. Asa hanjelu kabina-bina.

Nepi ka hiji peuting, basa kuring keur ngadaweung, rentang-rentang aya nu nyurungkuy hideung, siga hulu babi. Basa disidik-sidik bari dideukeutan, geuningan ucing hideung. Gedéna sarua jeung Pluto. Buluna gé sarua deuih. Ngan nu ieu mah bodas lebah dadana.

Basa dicampaan, ucing téh kalah ka ngarontok, ngoét leungeun terus nyingkah. Ngan basa kuring rék balik ka imah, ucing téh nuturkeun. Diantep wé mimitina mah. Tapi teu burung diparaban siga sasari. Pamajikan mah resepeun pisan. Ucing dinangna-néngé. Lah, kuring mah teu pati resep. Eta pédah sok ngarontok, siga nu ijid ka kuring téh. Tungtungna jadi malik rujit. Ari pikasebeleunana, mun dideukeutan kalah ngajauhan, tapi sok nutur-nutur waé. Ras ka Pluto. Nyobaan nahan amarah. Piraku kudu digantung deui mah.

Eta deuih, ucing téh ku réa ceta. Mun kuring rék diuk dina korsi, gék téh miheulaan. Sakapeung cicing dina tuur. Mun keur leumpang, da mani muih atuh, nuturkeun di antara lolongkrang suku. Leumpang laun, milu laun. Leumpang gancang, milu  gancang. Untung bisa kénéh meper napsu. Karep mah mani hayang ngababetkeun. Eta deuih, ucing téh sok ngondang lamunan pikaketireun. Teu karuh-karuh kuring jol inget kana tihang gantungan. Nu matak rék teu cua kumaha atuh.

Hiji mangsa, kuring jeung pamajikan indit deui ka ruruntuk imah nu baheula kahuruan. Ucing nuturkeun, atuh ngaléngkah téh mani asa pabeulit jeung hulu ucing. Nyel ambek, asa dioconan. Kop kana kampak. Dipodaran siah ku aing!

Ku teu nyangka, pamajikan bet ngahalangan. Amarah teu kawadahan. Kampak diheumbatkeun. Ceplas, nenggel pisan kana… sirah pamajikan. Uteukna mancawura. Jep jempling, teu kécét-kécét. Maot harita kénéh.

Kajadian rajapati téh kudu dibuni-buni. Sabab hiji mangsa mah tangtu kanyahoan ku balaréa. Enya, kumaha mindahkeunana ngarah teu kanyahoan. Kolébat meunang ilham, dicacag we sakalian, tuluy diduruk. Atawa mending nyieun liang di gudang kitu, dikubur di dinya. Dialungkeun ka sumur gé naon héséna, atawa dibulen ku kardus terus nitah jelema pikeun nyingkahkeunana. Pamustunganana mah, mayit téh rék diruang dina témbok di gudang.

Pan di gudang aya témbok nu teu pati weweg plésteranana. Hawana ngelekeb deuih. Mun téa mah lebah témbok rada muncugug, keun wé da moal aya nu nyangka di jerona aya mayit. Ka luhurna pan aya liang pamiceunan haseup.

Cék angkeuhan, kitu peta teh baris bisa macikeuh nu lian. Ku papakas nu nyampak di gudang, asa énténg ari ukur ngadungkar bata mah, ngasupkeun mayit, terus dipléster deui siga méméhna. Kapalang ngésang, témbok séjénna gé dibébérés deui. Ngarah henteu katémbong yén di jero témbok téh aya mayit. Runtah jeung betrak-betruk urut némbok dibérésan. Geus kitu luak-lieuk bari gegerendeng sorangan: “Teu burung anggeus geuning.”

Geus kitu kuring néangan ucing pikasebeleun nu jadi bibit-buit rajapati. Dipaéhan ku aing mah. Kapanggih, kapanggihna mah. Ngan asa teu ngaganggu ayeuna mah. Padahal eta mahluk teh bisa ngondang rupa-rupa kajahatan-tur kaalaman pisan.

Dua poé, tilu poé, tapi amarah kuring téh teu bijil waé. Laluasa meureun ayeuna mah. Béda jeung ti heula asa teu weléh dijungjurgan. Kuring geus bisa ngawasa diri sorangan. Teu kaganggu ku bangbaluh. Mun téa mah aya pamariksaan, kuring geus nyiapkeun jawabanana.

Enya wé, poé kaopat, sabubuhan pulisi datang ka imah. Kuring ditanya, mani tetelepék pisan. Mimitinan mah bingung.Komo basa pulisi ngajak maturan néangan mah. Tapi terus neger-neger manéh. Sakuliah imah dipariksa gemet naker. Teu ieuh ngadégdég. Jajantung gé ratugna henteu ngerepan. Siga sasarina wé. Api-api teu boga dosa.

Imah geus kaubek. Kuring leuleumpangan bari nangkeup harigu. Pulisi gé tayohna geus sugema ku pamariksaanana, da terus tatan-tatan siga rék indit. Teu ku hanteu, kuring teu bisa nahan kabungah.

“Juragan!” pok teh gegeroan. Pulisi ngarandeg. Terus ngalalieuk. “Aya nu bingah tos tiasa ngaleungitkeun kacurigaan Juragan. Kahoyong mah Juragan téh sing saréhat tur angger dipikahormat. Ké sakedap, bilih palay nguningaan rorompok? Geura, aya ku weweg. Tuh, katingali pan témbokna? Narapel pageuh naker.”

Terus leuleumpangan mapay lulurung gudang. Barang jog ka lebah kuburan pamajikan, kuring ngetrokan témbok ku iteuk hoé. Nu kasawang di jero témbok aya waruga nangtung ngabalegedeg.

Simpé. Ngan ti jero témbok ujug-ujug kadéngé sora budak jejeritan. Mimitina sada nu ingsreuk-ingsreukan, nyegruk ceurik, terus jejeritan lila naker. Bet kawas lain sora manusa, bangun nu ngagerem, siga karohakaan nu bijil ti naraka, ngocor tina tikoro manusa nu dicekék ku kanyeri. Sétan-sétan nu dila’nat surak ambal-ambalan.

Lebah dieu belegugna kuring téh, bet kudu nyarita kitu sagala rupa. Leng asa rék kapiuhan, ngajurahroh kana lebah témbok. Salosin botol inuman, pipilueun nyieun liang. Bréh, di jero témbok aya nu ajeg nangtung. Mayit nu geus bilatungan, dibuntel ku getih kintel, dironghok ku nu lalajo. Biwirna calangap, dina sirahna aya mahluk anéh nu matana hurung ngempur. Siga sato nu teu weléh nuyun kana rajapati tur nyérénkeun kuring ka logojo. Kuring geus boga témbok rohaka di jero kuburan.

***

edgar allan poe

Edgar Allan Poe (1809-1849) teh pangarang pituin Boston kakoncora nu ngamimitian nulis carpon dina kasusastraan Amerika. Boga pangaweruh gede pikeun carita misteri jeung detektif.

Ucing Hideung (The Black Cat) nyaeta carpon nu dipedalkeun dina taun 1843. Ayeuna dicaritakeun deui ku Yuliana Mustofa dina Majalah Cupumanik no 36/2006.


12 thoughts on “Ucing Hideung, Edgar Allan Poe

Berkomentarlah sebelum komentar itu dilarang. (NB: Serélék=Email, Nami=Nama)

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s