Basa Budak

ulin jarambah cikapundung

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 17 (Desember 2004)

Dina basa Sunda aya nu disebut basa budak, nyaéta sawatara kecap anu biasa digunakeun ku budak, atawa ku kolot ari nyarita jeung budak anu nyaritana tacan bener, upamana “emam”, “mamam” (dahar, neda, tuang), “ibak”, “papung” (mandi, siram), “papang”, “pipis” (kiih, kahampangan), “bobo” (saré, mondok, kulem), “eu-eu”, “emuh” (nginum, ngaleueut), “acuk” (baju, raksukan), “enen” (nyusu), jeung sawatara kecap deui. Biasana basa budak mah ngan anu patali jeung kahirupan budak leutik baé.

Budak anu kakara diajar nyarita, ana ngucapkeun kekecapan sok tara bener. Anéhna, kolotna gé lain nyontoan ngagunakeun kecap anu bener, tapi kalah ka nurutan ngagunakeun kekecapan anu henteu bener téa. Nya lahir nu disebut “basa budak”.

Basa budak biasana dumasar kana sora anu dikaluarkeun ku budak anu tacan bisa nyarita ari manéhna nyoba ngucapkeun kecap dimaksud. Sakapeung masih kasusud kecap dasar anu dijadikeun dasarna, upamana kecap “eu-eu” meureun tina “ngaleueut”, “acuk” tina “raksukan”, “papang” tina “kahampangan”. Aya deui anu henteu dumasar kana sora anu diucapkeun ku létah budak, tapi dumasar kana ucapan anu dianggap babari keur létah budak, kayaning “emam”, “mamam”, “bobo”, “pipis”, “enén” (“nénén”) jeung lian-lianna.

Biasana kecap-kecap basa budak dipaké ku budak atawa ku kolot ari nyarita jeung budak. Tapi béh dieu, kecap-kecap basa budak gé sok kadéngé digunakeun ku kolot ka kolot deui, pangpangna lamun nu nyarita kudu ngagunakeun kecap basa lemes tapi kabeneran keur teu timu kecap basa lemesna, nya nu kaluar téh basa budak. Kayaning:

  • Punten abdi badé papang heula.
  • Kamari téh henteu katahan ku tunduh, sadugina ka rorompok teras baé bobo.
  • Acuk abdi soéh, numawi nganggo jaket.
  • Kumaha upami saméméh salat teh urang emam heula?

Kalimah cara conto anu di luhur téh sering kabandungan diucapkeun dina kahirupan sapopoé tur dianggap biasa. Lamun geus jadi ilahar mah tangtu moal dianggap salah. Tapi saenyana kabiasaan kitu téh kurang hadé. Jeung henteu kudu kajadian lamun urang telik kana kalimah jeung kekecapan anu sakuduna.

  • Punten abdi bade kahampangan heula.
  • Kamari téh henteu katahan ku tunduh, sadugina ka rorompok teras baé mondok.
  • Baju abdi soéh, numawi nganggé jakét.
  • Kumaha upami saméméh salat téh urang tuang heula?

Basa budak gé sok ngagunakeun sora “y” atawa “l” pikeun sora “r” dina kecap anu aya sora “r”-an, kayaning:

  • Geuya ageung ambéh énggay pintey di sakoya.
  • Teu kénging bangoy, da Encép mah apan bageuy.
  • Tos atuh uyah nangis, isin ku Adé.

Atawa lamun budak anu diajak nyaritana geus rada gédé, geus bisaeun ngucapkeun “l” tapi masih tacan bisaeun ngucapkeun “r”:

  • Ujang, engké aya pasal malam di alun-alun, badé nongton moal?
  • Ulang ngaheulap yu, ambeh kénging lauk mujaél.
  • Eneng kelesa tuang lujak nu lada pisan?

Ngucapkeun sora “r” jeung samemehna “l”, keur urang Sunda mah dianggap nu panghéséna keur barudak téh, numatak barudak sok disina ngucapkeun sawatara kalimah anu ngalatih ngucapkeun sora “y”, “l” jeung “r”, sangkan ulah patukeur kayaning

laleur mapay areuy

saloar salur ngambay

Singsaha anu geus bisa ngucapkeun kalimah-kalimah éta kalawan lancar sarta antara “y”, “l” jeung “r”-na henteu pahili, dianggap geus sawawa, hartina geus bisa nyarita ngabedakeun “y”, “l” jeung “r”. Tapi lain hartina yén urang Sunda kabéh barisaeun ngucapkeun “r” kalawan bener. Jalma anu miboga masalah dina létahna, nepi ka aki-aki gé henteu bisaeun ngucapkeun “r” kalawan bener, dina basa Sunda disebut cadél.


6 thoughts on “Basa Budak

  1. horee sebagian besar bisa ngerti isi tulisannya😀
    maklum udah lama di Bandung, tapi belum bisa mengucapkan bahasa Sunda dengan benar.
    Oia, baru tahu kalau “emam”, “ibak”, sama “acuk” itu basa budak
    hatur nuhun tulisannya

Berkomentarlah sebelum komentar itu dilarang. (NB: Serélék=Email, Nami=Nama)

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s