Kecap-Kecap Lemes Anyar

naruto basa sunda

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 18 (Januari 2005)

Ku sabab kapangaruhan ku alam pikiran undak-usuk basa, nyaéta ngarasa kudu nyarita ku basa lemes, tanda ngahormat ka nu diajak nyarita, sok timbul kecap-kecap anyar anu ku nu mimiti ngagunakeunana disangka kecap lemes.

Baheula kungsi aya nu ngagunakeun kecap “supanten” (maksudna lemesna tina “supaya”), “pribados” (lemesna tina “pribadi” kecap gaganti jalma nu kahiji), “nyondong” (lemesna tina “aya”), “saalit” (lemesna tina “saeutik”), malah ngaran tempat gé sok dilemeskeun upamana Majalengka jadi Maoslengka, Jatiwangi jadi Jatoswangi, jsb.

Kecap-kecap cara kitu sok disebut “lemes dusun”, nyaéta kecap-kecap anu saenyana euweuh dina, atawa taacan asup kana, kosa kecap basa lemes. Sawatara kecap “lemes dusun” aya nu ahirna mah diaku jadi kecap lemes anu henteu dusun, hartina asup jadi kosa kecap basa lemes, cara “pribados” apan ayeuna mah geus prah diparake, henteu dianggap lemes dusun deui.

Ari nu matak jalma nyarieun kecap lemes dusun dumeh alam pikiranana kapangaruhan ku pamanggih yén nyarita jeung saluhureun atawa hormateun mah kudu ngagunakeung kecap lemes. Dina kabeneran kecap lemesna henteu aya, nya jadi sakarep-karep. Hal éta téh dilantarankeun manéhna henteu terang enya kana tetekon basa lemes, kitu deui kana kosa kecapna. Nepi ka kiwari ogé kecap lemes dusun téh masih kénéh sok diproduksi, nu panganyarna upamana kecap “sayogi” (lemesna tina “sayagi”) jeung “minggon” (lemesna tina “minggu”), padahal kecap “sayagi” mah euweuh lemesna, hartina dina basa lemes gé kecap “sayagi” dipake. Kitu deui kecap “minggu” euweuh lemesna da éta mah ngaran poe nu asalna tina basa Portugis “dominggo” (Pangeran). Kecap “minggon” nyampak dina basa Sunda, wancahan tina “mingguan” hartina saban minggu atawa saminggu sakali. Upamana kumpulan Camat jeung para kuwu (lurah) diayakeun saban poé Kemis teh disebut “minggon”.

Jadi tétéla anu sok nyiptakeun kecap-kecap lemes dusun téh jalma anu katerangna ngeunaan undak-usuk basa kapalang, ngan nepi ka dédéngé tara cara si Karnadi anu kungsi jadi tukang kebon Sakola Ménak dina carita Rusiah Nu Goreng Patut karya Joehana, apan bisaeun nyarita ku basa lemes beunang mulungan tina obrolan para murid Sakola Ménak. Ngan lamun kecap-kecap lemes dusun nepi ka digunakeun sarta disebarkeun ku para guru jeung para mahasiswa di paguron luhur atikan basa, tangtu baris nimbulkeun akibat anu kurang hade keur kamekaran basa Sunda.

Nu matak kuring mah nganjurkeun sangkan masalah undak-usuk basa ulah digegedékeun teuing. Nyarita henteu kudu mikiran kecap mana anu merenah atawa nu henteu dina nyanghareupan jalma anyar pinanggih anu hormateun atawa ka saluhureun. Gunakeun baé kecap anu hartina sarua, teu kudu dipikiran naha éta téh kecap basa lemes atawa basa kasar. Dina aturan undak-usuk basa, kecap-kecap téh henteu bisa dipisahkeun tina lentong jeung rengkuh. Lentong téh cara urang ngucapkeun kecap, apan aya laguna nu bisa ngabédakeun nu ngambek, nu nyarita sugal, nu nyarita kasar ku sabab henteu ngahormat, jeung anu nyarita kalawan hormat. Ku kituna sanajan kecapna tina kosa kata basa kasar, tapi lentongna lemes moal matak nimbulkeun sangkaan yén urang ngahina. Kitu deui rengkuh, anu salilana kudu diperhatikeun dina waktu nyarita ka saluhureun. Lamun urang nyarita téh lentongna lemes, dibarengan ku rengkuh ngahormat, sanajan kecap anu diucapkeun ku urang kagolongkeun kana kosa kecap basa kasar, nu diajak nyarita tangtu moal nganggap urang henteu sopan.

Bisa jadi matak aya nu seuri. Dina mangsa saméméh perang apan aya lulucon, juragan kawasa (administratur) kebon nu saméméh dikirimkeun ka Indonésia geus diajar basa Sunda di nagara Walanda, tapi anu diajarkeunana teh ngan basa lémés bae, atuh waktu dina hiji mangsa bendu ka tukang metik téh, basa anu digunakeunanan basa lemes, “Apan parantos disarukeun ku juragan, upamai metik kedah énjing-énjing angkat ti bumina, dina metik kedah pucukna baé. Numawi upami didamel kedah tumut kana kasauran juragan, uninga?”

Dina mangsa harita mah, babasan juragan kawasa ka nu metik kitu teh matak sééleun; sabab nu macana tarabah kana aturan undak-usuk basa. Tapi dina mangsa kiwari mah, da jalma geus henteu tarerangeun kana aturan undak-usuk basa, basa cara kitu téh henteu matak pikaseurieun.

Lamun euweuh aturan undak-usuk basa, dina nyarita jalma moal ngarasa kapaksa ngagunakeun kecap basa lemes lamun nyarita ka nu hormateun atawa ka saluhureun. Jadi moal nepi ka kapaksa nyieun kecap lemes anyar anu tuluyna digolongkeun kana kecap lemes dusun. Sanajan kecap basa lemes téh saenyana henteu réa, ngan ukur sawatara ratus, tapi ngapalkeunana téh méakkeun waktu jeung tanaga anu henteu perelu. Pangpangna ku sabab kudu ngapalkeun iraha jeung kumaha merenahkeunana kecap-kecap téa.


5 thoughts on “Kecap-Kecap Lemes Anyar

  1. Reblogged this on Rumahku Di Dunia Maya and commented:
    Dina hakekatna digunakeunana ragam hormat teh taya lian pikeun nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ka nu diajak nyarita jeung ka saha nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat aya dalapan rupa nya eta: 1. Ragam Basa Lemes Pisan/Luhur; 2. Ragam Basa Lemes keur Batur; 3. Ragam basa Lemes keur Pribadi/Lemes Sedeng; 4. Ragam Basa Lemes Kagok/Panengah; 5. Ragam Basa Lemes Kampung/Dusun; jeung 6. Ragam Basa Lemes Budak.

Berkomentarlah sebelum komentar itu dilarang. (NB: Serélék=Email, Nami=Nama)

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s